Mengenai Saya

Foto saya
NzanK Juanda,budak borangan nu ayeuna geus jadi guru di salah sahiji sakola nu aya di tangerang,ayeuna geus boga bojo sareng dua putra hiji lalaki,hiji awewe nu keur sedeng rumaja. Kang joe alhamdulillah tos ngangeuskeun sakola dugi ka s2. Sakola rengse,kulawarga sehat,budak teu ngarungsing, ayeuna mah tinggal memener ibadah geuning can lempeng keneh.

Rabu, 24 September 2008

puasa ramadhan

Alhamdulillah wa syukurillah,
urang parantos didugikeun deui sareng dinten ramadhan bulan anu pinuh kamulyaan ti Gusti Allah, mun urang nilik dina kaunikan sareng agungan Allah jigana teh moal sanggup nedunanana, naha kitu ? sok ayeuna ku urang emutan naha kunaon agama nu ku urang di jadikeun pedoman hirup bet miwarang urang puasa dugi keun sasasih lamina?

Sabtu, 12 Juli 2008

hayang jadi guru bener

Kumaha carana urang mun hayang jadi guru nu bener ?
ke kang naha aya kitu guru nu teu bener ?
teu bener didieu teh lain teu bener negatif,tapi aya ketang guru ge nu teu bener negatif oge.pan bonganna da guru oge manusia cenah jadi ngilukeun kana kodrat manusia nu papasangan tea aya bener aya teu bener, aya cageur aya teu cageur.

Nu rek dpi maksud ku akang mah lain eta tapina.
dina ruang lingkup urang /guru sok pasti aya guru nu bisa jadi guru nyaeta bisa ngadidik jeung bisa ngajar. tah eta nu dimaksud ku akang mah,
dua kalimat tadi nyaeta ngadidik jeung ngajar teh mangrupa hiji kasatuan nu moal bisa dipisahkeun kuduna mah.
naon atuh ari ngadidik teh ?
jeung naon deu atuh ari ngajar teh ?
Kumaha guru kuduna ?
Guru teh mibanda kabisa nu leuwih, naha kitu kunaon ?
sabab ari guru mah jalma nu luhung elmu loba pangarti loba pangabisana,tah eta teh titingalian batur ka guru.
Guru etuning saringkak saparipolahna kudu bisa jadi panutan balarea guru aktor atanapi aktris dihareupeun barudak,guru kudu jadi panutan dimasyarakat.
duh gusti ningan beurat jadi guru teh,tapi ari guru mah jalma nu loba elmu jeung amalna,dugikeun urang parntos pupus oge ari guru mah amalna terus ngagolontor terus moal ereun salami eta elmu nu diajarkeun ka muridna dimangpaatkeun.
amiiin

Rabu, 09 Juli 2008

moto hirup kuring

Motto hidup :

Manuk Hirup Kujangjangna

Jalma Hirup Kuakalna,

mun Hayang ngakeul kudu ngakal

mun hayang peurah ku perih

mun hayang dahar kudu motekar

mun percaya ulah cangcaya

mun dipercaya ulah codeka

hirup mah ngan sakali matak ulah lali ka purwadaksi.





Syukuri Sadaya nikmat

nu parantos dipaparin Allah

sareng kedah emut yen sagala rupi oge mun titipan ulah sok hayang ngapimilik.


Dihaturankeun kanggo:

pun Biang ibu Mamah Al Nasih

hatur nuhun ibu sim kuring tus di didik diatik di mumule ti alit dugi ka ayaeuna,hapunten abdi teu acan tiasa mulang tarima.

Pun Bojo Sri Haryati,SPd.

mung anjeun nu parantos nyumangetan dina kahirupan sim kuring

dugi ka ayeuna mugi Allah SWT ngajantenkeun istri nu sholehah,mawahdah,warohmah.

Muhammad Judha Perwira

Si Bujang ,bp ngan tiasa maparin doa,sing janten jalmi nu taqwa,gaduh padamelan tetep,tiasa ngabina rumah tangga gaduh putra nu sholeh,gaduh istri nu sholehan.


Ridha Pusparani

si bungsu ,pinter geulis pan Ridha teh Iklas,Puspa teh Kembang,Rani teh ratu janten

Sigeulis Ratu nu kawentar ka sakabeh dunya tapi boga hate iklah narimakeun yen sagala rupi oge kagungan Allah SWT.

Senin, 07 Juli 2008

Puasa Senen Kemis

PUASA SENEN KEMIS NAHA AYA MANGPAATNA ?
Kunaon urang Islam sok puasa Senen Kemis ?
Ngarah naon urang puasa Senen Kemis?
Naha Bener jalma nu rajin Puasa lewih sehat ?
naon hukumna uarang puasa sunah ?
cing urang palikiran babarengan.

Aya sababaraha pendapat nu ditepikeun ngeunaan puasa :

1.Dr. Yuri Nikolayep ti Moskow ngebrehkeun yen puasa teh matak jalma awet ngora sacara fisik jeung mental.

2. Salah saurang Dokter ti Mesir nu di kutip tina Jurnal kadokteran bulanan “Tabibuka al-Khas edisi Cairi netelakeun Yen jalam nu sok puasa lewih panjang umurna alabatan jalma nu tara puasa tah eta teh mangrupa hiji rahasia Gusti Allah nu di sebatkeun “ jeung ngalakueun puasa eta lewih hade keur anjeun lamun anjeun terang” (Q.S. 2.1 Al – Baqarah : 184

Mansur Anis ngutarakeun yen puasa matak nyieun jamal panjang umur,alat patuangan istirahat sareng kana pacu jantung oge teu matak tarik.

Puasa lamun di kaji medis kadokteran ieu sacara langsung parantos ngatur sarrasa nyaah ka sasama,eng nyieun awak urang nyonto kana prilaku Kanjeng Nabi Muhammad Saw dina tuang sareng ngaleueut sareng eta the parantos nyumponnan standar kasehatan awak urang nyaeta teu ngogo kana awak sareng numpuk-numpuk tuangeun sareng leueuteun,margi alat katuangan urang tos biasa lamun puasa nu ngakibatkeun daya kerjana oge stabil bae margi tos kaukur sareng teratur.

Dina ajaran islam puasa the lain sakadar nahan lapar jeung haus tapi sacara psikologis dituntut sangkan bisa nahan hawa nafsu nu sering nagoda manusa.

Rosulluloh satosna mulang tina perang badar kantos khutbah di Madinah saurna :

“Urang kkara rengse tina Jihad alit bade nyanghareupan Jihad nu langkung ageungf”

Naon Jihad gede the ;

Jihad gede nyaeta :” Jihadun nafsu/ jihad ngalawan nafsu “

Dina prospek social puasa oge ngadidik sangkan urang ngabogaan ,kepadulian jalama nu puasa biasana nawujud

Dina prilaku anjeunna dina sapopoe,rasa mikanyaah ka sasam misalna mere pitulung ka batur naha rek mere bantuan mangrupa qaul/nasehat,atawa maal/ materi atawa banda.


Selasa, 01 Juli 2008

Guru
Nu pasti kabeh oge terang ka guru mah,naon atuh ari pagawean guru teh ? naha mung ngawuruk elmu ngajejeuhkeun budak sangkan palinter ?
pasti eta teh ngagaliwut dina uteuk urang sadaya.
kumaha ari guru di indonesia ayeuna ?
naha leres guru teh propesina leres pahlawan tampa tanda jasa ?
mun urang nilik kana kaayaan ayeuna guru teh tos janten hiji propesi anu kalintang ageungna pisan jasana teh namung upami urang ninggal kanyataan dilapangan ayeuna kamampuan guru nu sleres propesional teh masih keneh sadkedik.
naha tiasa kitu ?
1 .Guru teh dianggap hiji padamelan nu tiasa dipidamel kusaha bae
Anggapan kitu teh masih seueur di masyarakat urang,margi saleresna oge seueur karyawan,padamel nu sanes basicna guru tapi upami aya lowongan sareng kasempetan tiasa ngajar dikelas,
2.Kamampuan Intelektualitas Guru di urang masih rendah
Ieu anggapan teh ningali ka lulusan SMA nu lebet ka universitas universitas pendidikan mung janten hiji pilihan nu nomer ka sakian,(asa janten kapaksa daripada teu kuliah)
3. Kirangna kasadaran Guru kanggo ningkatkeun kamampuan.
Kumargi kitu janten seueur guru nu elmu na teh teu nambahan,ngan sakitu-sakitu bae komo upami guru eta ngawulang di tingkat sakola dasar teras teu resep maca nya ngan sakitu we panginten kamampuanana teh teu langkung ti budak SD
4.Kirangna kasadaran Guru kanggo nuntut Elmu nu langkung luhur.
Guru di daearah upami teu aya tuntutan ti pamrentah kedah ngiring D2 jarang nu hoyong kuliah deui,teras pamrentah nuntut kedah S1 nembe karuliah deui,
ari ditingali mah lain kasadaran sorangan tapi kudu dititah ningan.
pangalaman sim kuring netelakeun yen tiap guru teh boga titik jenuh dita kutang leuwih 8 dugi ka 10 tahun sakali,kumaha sangkan otak urang seger deui jeung aya semangat deui, tah carana teh nu kaalaman ku sing mah nyaeta dina kurun waktu 8 dugi ka 10 taun teh guru kudu balik ka kampus naha rek kuliah deui atanapi dikalat tapi kudu kawas urang keur kuliah kapungkur.
sim kuring lulus D 2 IKIP bdg taun 1987 ,tah taun 1998 neraskeun S1 ka untirta, tahun 2006 neraskeun ka S 2 di UNIPA Surabaya.
karaos pisan yen saleresna mah nungtut elmu teh salian ti kawajiban urang, oge pikeun ngahirupkeun deui sel sel otak urang nu tos biasa nagn kitu-kitu bae (monoton)